Harti sajak nyaeta?? – Brainly.co.id

Rekomendasi terbaik untuk jawaban dari pertanyaan yang telah FestivalPanji kurasi untuk kamu:


Jawaban:

Sajak nyaeta karya sastra wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Dina sastra Sunda, aya dua rupa puisi, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sajak kaasupna kana puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan jeung kawih. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.

Sajak sarupa jeung kawih, nyaeta puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Umpama sajak kungsi disebut “sajak bebas”, kawih sering disebut “lalaguan Sunda bebas. Sedengkeun conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan, nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Wawacan jeung guguritan kaiket ku aturan anu aya dina pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan. Sanajan sajak henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, dina nyieun sajak aya sawatara unsur anu perlu diperhatikeun supaya sajak alus tur endah, aya klasifikasi sajak, sarta unsur-unsur intrinsik.

Unsur-unsur anu kudu diperhatikeun dina nyieun sajak nyaeta saperti unsur imaji, simbol, irama, tema, gaya bahasa, wirahma jeung purwakanti. Salian ti eta, dina sajak oge aya sabaraha rupa atawa klasifikasi. Klasifikasi atawa rupa-rupa sajak anu aya nyaeta saperti saperti sajak lirik, sajak epik, sajak dramatik, sajak satirik, jeung sajabana ti eta. Unsur-unsur intrinsik anu ay dina sajak nyaeta tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.


#FestivalPanji #TanyaJawab #AyoBelajar #AyoMembaca #AyoPintar #DuniaPendidikan #TanyadanJawab #IndonesiaPintar #PenerusBangsa #CerdasPendidikan #HidupPendidikan #PintarJawab #Kuesioner #CepatBisa #Festival Panji #FestivalPanji ID #MenjawabPertanyaan #SD #SMP #SMA

Sekian ulasan mengenai jawaban dari pertanyaan:

Harti sajak nyaeta?? – Brainly.co.id

Kami harapkan bahwa informasi yang kami sampaikan dalam artikel tanya jawab di atas dapat memberikan wawasan dan solusi bagi kamu yang membutuhkan jawaban dengan tepat. Teruslah berinovasi dan belajar untuk memperbaiki kualitas pengetahuan demi masa depan yang lebih baik.

Apabila kamu membutuhkan informasi lain tentang pertanyaan atau seputar dunia Pendidikan, silahkan kunjungi laman atau artikel kami yang lain.


Penulis: Penulis Senja