Jawaban unggulan dari FestivalPanji.id melalui proses kurasi atas pertanyaan yang sedang Anda cari:
Jawaban:
Wawacan nyaeta carita dina wangun puisi anu kaiket ku aturan. Contoh wawacan anu paling dipikawnoh nyaeta saperti wawacan Panji Wulung. Aturan anu ngiket dina wawacan nyaeta aturan pupuh anu disebut guru lagu jeung guru wilangan. Sacara singget, guru lagu aya hubunganana jeung aturan sora tungtung engang atawa suku kata unggal padalisan, sedengkeun guru wilangan aya hubunganana jeung aturan jumlah engang dina unggal padalisan.
Pembahasan
Cara maca wawacan teh sok bari dilagukeun atawa tembang. Cara maca wawacan sok disebut beluk. Puisi Sunda, ditilik tina eusina, aya dua rupa, nyaeta puisi anu mangrupa carita jeung puisi anu henteu mangrupa carita. Wawacan jeung carita pantun mangrupakeun conto puisi Sunda anu mangrupa carita. Sedengkeun conto puisi Sunda anu henteu mangrupa carita nyaeta saperti guguritam, sisindiran, mantra jeung kakawihan.
Contoh wawacan lianna, salian ti wawacan Panji Wulung, nyaeta saperti :
- Wawacan Babad Banten
- Wawacan Babad Cirebon
- Wawacan Babad Timbanganten
- Wawacan Angling Darma
- Wawacan Damarwulan
- Wawacan Rengganis
- Wawacan Dewa Ruci, jeubg sajaba ti eta.
Aya 17 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta anu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Conto puisi Sunda lianna, salian ti wawacan, anu ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti guguritan. Wawacan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung wungkul. Sedengkeun guguritan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit.
Pelajari lebih lanjut
- Seni maca wawacan brainly.co.id/tugas/6328249
- Sarua jeung bedana wawacan jeung carita pantun brainly.co.id/tugas/13495184
- Naon bedana wawacan jeung novel brainly.co.id/tugas/9248331
__________
Detil Jawaban
Kelas : XII
Mapel : Bahasa Sunda – Wawacan
Bab : 1
Kode : 12.13.1
Kata Kunci : Wawacan
Sekian ulasan mengenai jawaban dari pertanyaan:
Naon anu disebut wawacan? – Brainly.co.id
Kami harapkan bahwa informasi yang kami sampaikan dalam artikel tanya jawab di atas dapat memberikan wawasan dan solusi bagi kamu yang membutuhkan jawaban dengan tepat. Teruslah berinovasi dan belajar untuk memperbaiki kualitas pengetahuan demi masa depan yang lebih baik.
Apabila kamu membutuhkan informasi lain tentang pertanyaan atau seputar dunia Pendidikan, silahkan kunjungi laman atau artikel kami yang lain.
Penulis: Penulis Senja