Inilah jawaban untuk pertanyaan yang kamu cari dari proses kurasi Festival Panji:
Jawaban:
Paparikan, rarakitan, wawangsalan nyaeta rupa rupa sisindiran nu aya upama ditilik tina wangunna. Sedengkeun sisindiran nyaeta salahsahiji rupa tina wangun puisi nu aya dina sastra Sunda. Sisindiran teh upama dina sastra Indonesia mah sarua wangunna jeung pantun, nyaeta puisi nu miboga bagean cangkang atawa sampiran jeung bagean eusi. Upama ditilik tina eusi atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran nu eusina piwuruk, silihasih jeung sesebred.
Pembahasan
Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi.
Nu ngabedakeun paparikan jeung rarakitan nyaeta yen dina rarakitan mah aya kecap atawa kekecapan di awal padalisan kahiji nu disebutkeun deui di awal padalisan katilu, jeung aya kecap atawa kekecapan di awal padalisan kadua nu disebutkeun deui di awal padalisan kaopat, sedengkeun dina paparikan mah teu aya aturan saperti kitu.
Pelajari lebih lanjut
- Rupa rupa sisindiran brainly.co.id/tugas/11754912
- Bagian-bagian sisindiran brainly.co.id/tugas/12839746
- Conto pantun nyindir sifat babaturan brainly.co.id/tugas/13484791
__________
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda – Sisindiran
Bab : 9
Kode : 10.13.9
#TingkatkanPrestasimu
Sekian ulasan mengenai jawaban dari pertanyaan:
pengertian paparikan,rarakitan,wawangsalan dalam bahasa sunda ??
Kami harapkan bahwa informasi yang kami bagikan dalam artikel tanya jawab di atas dapat memberikan wawasan dan solusi bagi kamu yang membutuhkan jawaban dengan tepat. Teruslah berinovasi dan belajar untuk memperbaiki kualitas pengetahuan demi masa depan yang lebih baik.
Apabila kamu membutuhkan informasi lain tentang pertanyaan atau seputar dunia Pendidikan, silahkan kunjungi laman atau artikel kami yang lain.
Penulis: Penulis Senja